Semua tulisan dari HALAL BERKUALITAS
TESTIMONI MUSTIKA DARA SINERGI KOPI RADIX
HPAI
BOOS PURWAKARTA, 25 JANUARI 2015
H E B A T DAN K H T
ALBUM KENANGAN PLPG ANGKATAN 4 KELAS 10 UNPAS
KLIK DIBAWAH INI KALAU MAU LIHAT ALBUMNYA
Keputusan Kuartir Nasional Grtakan Pramuka Nomor: 174 th 2012
REBO NYUNDA SADINTEN
Naskah biantara
REBO NYUNDA SADINTEN
UPAYA NGARONJATKEUN KAREUEUS KANA BASA SUNDA
Ku : ………………………………………………
Assalamu ‘alaikum warohmatullohi wabarokatuh…
Girang Pangajén kalih hadirin hormateun simkuring,
Langkung tipayun sumangga urang sanggakeun sagala puji ka Dzat Illahi Robi, sagala puja ka Alloh Azza Wajalla, réhna dina danget ayeuna urang tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina kaayaan séhat wal ‘afiat.
Teu hilap shalawat sareng salam mugia salalawasna disanggakeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW.
Girang Pangajén kalih hadirin nu sami linggih…
Simkuring neda widi sateuacan ngadugikeun jejer biantara, nepangkeun wasta pun ……………………………………….. wawakil ti SD Negeri 12 Ciseureuh Kahuripan Pajajaran, sakola anu kawilang resik tur ayana di patempatan nu kalintang éndahna.
Dupi jejer biantara nu badé didugikeun ayeuna, nya éta REBO NYUNDA SADINTEN UPAYA NGARONJATKEUN KAREUEUS KANA BASA SUNDA.
Dua dinten deui, urang baris miéling poé basa indung sadunya anu tos ditetepkeun ku PBB, nyaéta tiap tanggal 21 Pebruari. Hal ieu dilakukeun dina upaya ngajaga rupa-rupa budaya anu dipiboga ku masing-masing bangsa. Salah sahiji unsur tina budaya teh nyaeta basa. Dina basa kasimpen kabudayaan hiji bangsa. Tegesna mah basa teh nunjukkeun hiji bangsa.
Basa sunda, basa kuring, basa urang saréréa. Warisan budaya karuhun urang. Titipan anu kedah diaping – dijaring, dipupusti sangkan henteu lastari. Urang kudu reueus jadi urang sunda, urang kudu reueus mibanda basa sunda. Nu pangpentingna, urang kudu reueus bisa nyarita ku basa sunda.
Dina raraga ngaronjatkeun kareueus kana basa sunda, di lingkungan Pamaréntah Kabupatén Purwakarta aya hiji kawijakan anu digagas ku Pupuhu Kabupatén Purwakarta – Bapa Dedi Mulyadi SH: ngagunakeun basa sunda sapoé dina saminggu, nyaéta unggal poé Rebo. Anu katelah Rebo Nyunda Sadinten.
Program Rebo Nyunda Sadinten ogé mangrupakeun upaya ningkatkeun AJÉN JATI DIRI MASYARAKAT SUNDA.
Masyarakat sunda TANJEUR DI JURITAN – JAYA DI BUANA.